Neneng Rahmia

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

PANGGEUING NYANDING HARIRING

PANGGEUING NYANDING HARIRING

Hayang mah unggal poé nyieun tulisan téh, boh puisi boh artikel, atawa carita fiksi.

Tapi, bet ku hésé atuh rék ngamimitianana, aya kalana sok bingung ogé naon nu rék ditulis.

Padahal sagala rupa paripolah sapopoé bisa dijieun tulisan, bisa dikedalkeun keur guareun balaréa,

Mindeng pisan ieu rarasaan téh tumiba kadiri, anu dina intina mah, kuring kurang percaya diri kana kamampuh sorangan, padahal lamun dikeureuyeuh mah loba pisan mangpaatna, hususna sakuringeun, sabab naon anu hayang diomongkeun ka batur bisa nepi, malah leuwih loba nu bakal ngadéngékeunana ku cara maraca tulisan kuring.

Bismillah, kuring teu kuat hayang nuliskeun kereteg hatè, anu silih témpas jeroning alam implengan, aya kalana sok nepika merebey cipanon. contona poé ieu...

Sakumaha biasa lamun keur popolah di dapur, kuring sok bari nyetél musik, boh lalaguan Indonésia boh kawih Sunda, ku pajamanan ayeuna geus teu kudu mamawa tip ( tape recorder) ka dapur jiga barèto, ayeuna mah cukup mawa musik box nu leutik terus maké kartu memori atawa flashdisk nu geus dieusian lagu-lagu nu geus meunang milihan, anu kuring resep.

Kuring mah resep lalaguan téh lagu nu slow, anteng, boh lagu nostalgia boh lagu jaman ayeuna, rék lagu Indonèsia rék kawih Sunda.

Sabot masak, kukumbah piring, atawa bari sasapu teu leupas tina musik, aya kalana bari milu hahariringan, itung-itung bari ngapalkeun rumpakana, bisi aya nu nitah ngawih, mmh...

Sabot milu ngahariring ogé makè sok pirajeuneun merebey cipanon, sakitu mindeng didéngékeun, biasana mah lamun panggih jeung rumpaka nu matak nyeuit kana ati, sumarambah kana rasa, parat ngabedahkeun cimata.

Dina ieu tulisan baris dipedar sabagian rumpaka-rumpaka nu nyababkeun merebeyna cimata, diantarana rumpaka tina kawih anu judulna Kembang Balébat, iasana almarhum Mang Koko Koswara suwargi , eusina nyaritakeun yén manusa di dunya téh saukur ngumbara, hirup geus ditangtukeun ku takdir ti gusti Yang Widi, teu bisa hirup saeneng-eneng, unggal poè didodoho ku pati, teu bisa nyumput di nu nyamuni, teu bisa gagah ku pakaya, lamun geus datang waktuna, geus tangtu pinasti, sakumaha kaunggel dina rumpakana:

Bagéa kembang balèbat

Di taman mandala purwa

Naon bacaeun ayeuna

Maca beurang ku beurangna

Ngaji peuting ku peutingna

Dereseun na papantunan

Da hirup ngan sakolébat

Diudag-udag balébat

Ditutur-tutur ku layung

Ngalungsar diperjalanan..

Engké atawa isukan?

Saha nu terang...

Rumpaka anu matak nyeuit kana ati ngageterkeun sukma, antukna...merebey cipanon.

Rumpaka sèjénna, salian kawih Kembang Balébat, aya deui nu matak ngahudangkeun panineungan ka mangsa taun-taun ka tukang, nalika masih kénéh usum siaran RRI Bandung taun 70-an, sanajan kuring sorangan lahir dina awal taun 70-an, tapi bisa ngarasakeun mangsa harita ku ngaliwatan kawih Bulan Bandung Panineungan, rumpakana kéngéng Wahyu Wibisana suwargi, sanggian Mang Koko Suwargi, ieu rumpaka bisa ngapungkeun lelembutan ka mangsa harita,

.........................

Mun radio geus karungu

Nembangkeun lagu pamungkas,

Mirig sora anca halon, pileuleuyan..

Peuting cicing kota jempling

Jerit hiji lagu kedaling katineung hatè, aduh...

Mun balébat gagatrina

Geus hibar wétaneun Bandung

Angin nonggoh lalaunan, muru Lémbang...

Bulan surup langit hirup

Tamat hiji lagu, harepan témbong ngalangkang, aduh..

Beu, bedah deui cimata téh, milu ngangres, waas tur reueus kana kaayaan kota Bandung kapeutingnakeun jaman harita, jempling, tingtrim tur éndah.

Loba kénéh rumpaka-rumpaka nu matak ngageterkeun hatè, ngusikkeun lelembutan, urang bisa asup jadi palaku nu ngalalakon dina éta kawih, bisa milu nalangsa, guligah, reueus tur bisa ogè milu humandeuar, gumantung urang neuleuman rumpaka-rumpakana.

Kawih Kembang Tanjung Panineungan, rumpakana kéngéng Wahyu Wibisana, sanggian Mang Koko, bisa ngapungkeun implengan urang ka jaman nalika usum gorombolan DI/TII, sanajan teu kaalaman, tapi bisa ngarasakeun kaayaan mangsa harita.

............

Harita waktu layonna geus datang

Ema ceurik aduh balilihan

Ras ka hidep ieuh na kandungan

Utun inji budak yatim

Deudeuh teuing...

Kawih Malati di Gunung Guntur, eusina nyaritakeun rasa asih hiji jajaka ka wanoja nu dipikadeudeuhna di lemburna, nu teu laksana alatan situasi jaman harita, Si jajaka lunta ti lembur, rasa asihna ngan jadi panineungan, narimakeun kana papastén nu tumiba, teu maksa nu lain takdirna, bari batin mah nganteng ka nu di lembur, kumaha kaayaan panutanana.

...........

Ayeuna kuring geus jauh

Malati sosoca gunung

Boa geus aya nu metik, duka kusaha

Kamari jol aya béja

Malati ratna mumunggang

Pajar can aya nu metik, duka ku naon

Malati di Gunung Guntur

Ligar dina panineungan, na panineungan

Na saha nu baris metik

Kuring mah da puguh jauh biheung kadongkang

Kawih Wengi Ènjing Tepang Deui, rumpaka anu eusina mikanyaah, mikadeudeuh ngan saukur dina impian, teu baha kana papastèn tumarima kana kaayaan, kanyataanana teu bisa ngahiji, bisa panggih tur nembrakkeun kaasih ngan ukur dina impian

........

Harianeun milik diri

Misahkeun anu keur asih

Kembang nganggo dihahalang

Ditundung ku indung peuting

Gunung geus aya di pungkur

Indit hatè mah murilit, duh..

Miang gè da sumorèang

Parangtritis kapiati

Aduh enung pileuleuyan

Wengi ènjing tepang deui, mmh..

Kawih Bungur Jalan ka Cianjur, rumpaka Wahyu Wibisana, sanggian Mang Koko Koswara, ngagambarkeun lalampahan ka Bogor ngaliwatan Cianjur jalanna ka Cibalagung, mangsa taun 50-an/ 60-an sajajalan pinuh ku tangkal bungur, anu mémang kembangna pulas bungur, dipapaès ku rasa nu timbul tina jentrèngna kacapi gelikna suling, tembang cianjuran nu ngahudangkeun rasa tagiwur, nambah waas, lalampahan nu matak tibelat ka wewengkon patilasan Pakuan Pajajaran, ngarèka panineungan.

.............

Bungur jalan ka Cianjur

Gunung Pangrango ngadago teu weléh sono

Jentréng kacapi, gelikna suling

Geus deukeut ka Pajajaran

Ceg galindeng cianjuran

Bungur jalan ka Cianjur

Ka Cibalagung nu liwung teu weléh gandrung

Jentréng kacapi, gelikna suling

Jauh kénéh ka Pakuan

Ceg galindeng panineungan...

Tangtu loba kènèh rumpaka-rumpaka nu matak numuwuhkeun kawaas, katineung, karingrang, tur ngajadikeun robahna rasa dina diri, bisa ogé ngarobah sikep atawa karakter jadi leuwih hadè, lain waè rumpaka-rumpaka iasana Wahyu Wibisana, tapi rumpaka-rumpaka beunang pangarang sèjèn ogè bias, tur teu nutup kamungkinan matak ngarobah karakter nu neuleumanana kana sikap nu leuwih hadè.

Rumpaka-rumpaka anu disanggi ku Mang Koko, lain bae beunang Wahyu Wibisana hungkul, aya ogè nu kéngéng anjeunna pribadi, salian ti eta aya oge kèngèng nu lianna, diantarana panyajak nu sok disanggi ku anjeunna nyaèta rumpaka kèngèng Deddy Windiagiri suargi, anu geus pada mikawanoh, diantarana nyaèta anu judulna Di Langit Bandung Bulan Keur Mayung,

Jangjang peuting geus ngalingkup

Ngarungkupan dayeuh Bandung

Anu hibar sinar lampu

Panto ati geus narutup

Mipindingan kawih asih

Anu halon tur halimpu...

........

Tangtu, Mang Koko teu sagawayah milih rumpaka anu baris disanggi jadi kawih, buktina sok sanajan aranjeunna parantos mulih ka kalanggengan, tapi karya-karyana masih dipikaresep boh ku kolot boh ku barudak anu mikacinta kana seni sunda.

Mugia marantenna dikalanggengan kèngèng magfiroh Alloh SWT, jasa-jasana sing janten kasaèan, tur janten èlmu nu mangpaat boh kanggo aranjeunna boh kanggo para nu ngaidolakeunana, kaasup kuring.

Cag.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Seratanana tos sae, kataji pisan. Bubuhan nu nyeratna jebolan sastra sunda. Nanging pangemut bakal langkung sae analisa kana rumpaka lagu cekap hiji atanapi dua pikeun gambaran kahirupan anu dikorelasikeun sareng gambaran hirup salira atanapi gambaran kahirupan umumna. Margi ieu pesan moral teh bakal langkung anteb kanggo bahan tapakuraneun sadayana. Hapunten tos kumawantun. Hatur nuhun. Mugia seratanana manjang tur janten bahan kabeungharan wawasan kanggo nu sanesna.

05 Apr
Balas

Hatur nuhun, Bunda Yuli. Hatur nuhun kana kamandangna, In syaa Alloh distokeun pisan.

21 Apr
Balas



search

New Post